Sapasi Kalangkang


Bentang marengan bulan
Sapasi kalangkang marengan hate nu ringrang
Inggis langit ceudeum kaangkeuban
Panutan kakasih ati
Salira ngajadi bentang dina sanubari
Ngajadi bulan anu nyaangan lebeting kalbu
Hampura,
Mun caangna rada kasamaran
Kahalang sapasi kalangkang
Hampura,
Da ngan ukur saliwatan
Milu meuntas dina pikiran
Anu keur kiruh
Mugia wanci malikeun hate
Kena asih cinta salira.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar