Rasa ti Salira


Rasa ti salira ningkeran hate

Ku simpay kadeudeuh

Dipiguraan ku kuwung-kuwung kasono

Dituntun kusalempay kamelang

Dina pasini anu nganti wanci

Rasa ti salira

Teu kawawa na mayakpakna tresna

Bodasna asih sumeleket na dasar hate

Dipupusti ku rasa rumasa

Kabagjaan raga sukma

Mugurkeun kamangmang.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar