SAJADAH DI JURU IMAH

 

Janari leutik,
Batin nyeungceurikan sakolépat raray gamparan,
Kagambar rupa nu ngawitan méotan,
Kagagas cimata nyakclak kana sajadah,
Cihcir ngaléléwé haté,
Nyimpékeun lamunan nu pabuis ku rasa,
Hayang malikan mangsa katukang,
Nu bisa ngan saukur nyangkrung dina juru panon,
Hiliwir angin peuting,
Nyirep honcewang dina amparan du'a,
Lir teutep gamparan nu meruhkeun ombak,
Rongkah ngagalura dina sagara amarah,
Indung,
Sajadah di juru imah,
Tilam gamparan ngumpulkeun rupi impénan,
Indung,
Hampura abdi,
Cisoca salira teu acan janten inten.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar