Basa Wanci Geus Kasungsi

 

Bulan ninggalkeun caangna
Angin ngahiliwir ngedagkeun daun lamunan
Peuting ieu taya bentang nembongan
Nyumput dina mega hideung
Mapag lalakon anyar
Rasa mancawura ka jomantara
Nalika patepang di maya pada
Anjeun
Natra sajatina
Teu ngawujud raga
Tapi nyata diaping ku sukma
Sabar, deudeuh mapaes satia
Anjeun
Sajatina raga sukma
Anu teu weleh mere harepan
Teuneung ludeung
Taya kasieun.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar